Senin, 06 April 2009

ANAKING JIMAT AWAKING : BEUHAR KU ELMU LEUWIH HADE TIBATAN BEUHAR KU HARTA BANDA.. LALAKON KURING KATUKANG BASA KEUR DIPILEMBURAN.

Senin, 2009 April 06

Baheula mah basa kuring keur leutik, basa hirup di lembur nu jauh ti karamean,jauh kutantung, jeung tina pabaliutna jelema. Kuring masih inget keneh harita, mun peunting, poek pisan da can aya listrik, ngan ngandelkeun cempor,atawa damar keur panerangan teh. Da harita mah memang di lembur kuring acan aya lampu listrik, nya mun peuting teh poek mongkleng, nya eta paling-paling make cempor keur panerangan imah teh. Mun kebenaran caang bulan, nya barudak sok nyempatkeun arulin peuting diburuan imah, nya sambil loloncatan atawa maen ucing sumput diburuan imah dilakukeun barudak. Mun kuring diajar peuting, da ngandelkeun cempor/damar, nya isuk-isuk dina sela-sela lobang irung harideung, keuna haseup cempor atawa damar. Tapi ketah kadang-kadang Sang Aki kuring, mun peuting keur panerangan teh kadangkala sok make patromak.

Nya salain panerangan make damar, nya make patromak. Nya lumayanlah make patromak mah, lamun di ajar peuting tara hideung kanu lobang irung. Patromak mah caangna atawa dipakena paling-paling lila sampe jam salapanan. Da boga patromak ge basa eta mah, nya kaasup golongan anu rada beunghar atawa jelema boga, nya meureun Aki kuring ge kaasup jelema boga. Inget mun aya acara Mulud Nabi atawa Isro Miraj, pan di lembur kuring aya pasantren nu ngaranna Uswatun Hasanah. Sok ngayakeun acara Mulud Nabi, nya sok aya kagiatan-kagiatan nu ditampilkeun, diantarana; pawai ancor atawa pawai obor, pentas seni drama baruduk, nyanyian nadom, maca puisi jeung rea kagiatan nu lainna. Nah mun aya acara kitu mah, patromak loba da masing-masing panduduk nu boga patromak sok nyumbangkeun atawa minjeumkeun patromak supaya kagiatan Mulud atawa Isro Miraj rame meriah. Nah mun pawai obor atawa disebut dilembur kuring mah pawai ancor, nya sok keliling kakampung-kampung batur, sambil leumpang, bari nyaranyi nadom. Nodom nyanyian puji-pujian ngagungkeun nama Allah, jeung Nabi Muhammad. Wah pokokna rame pisan, disapaparat jalan, loba nu narongton, iring-iringan pawai ancor. Eta ancorna lain ancor sambarangan, da ancorna, dijeun make seni, maksudna eta ancor teh sok dijieun tina awi, tangtuna gagangna rada gede, nu ditingkat-tingkat diluhurna mulai awi nu rada gede sampe awi nu leutik, kadang sampe lima tingkat, jadi hiji ancor teh hurungna loba. da dijieun bertingkat. Duh susah oge ngagamparkeun make tulisan mah, kelah ku kuring dipanggambarkeun, kumaha bentuk acor bertingkat jaman beheula?

Lembur kuring letakna deukeut Gunung, malah di kaki gunung pisan, nya letak atawa palebah-palebahna di Kampung Dangdeur, Desa Nagrak, Kecamatan Buahdua, Kabupaten Sumedang. Eta gunung aranna Gunung Tampomas. Mun belah wetan mah deukeut Cimalaka Sumedang, nah sabeulah kulonna nya kampung kuring di Dangdeur. Tapi nu deukeut pisan ka Gunung selain kampung kuring, nya eta kampung Cilangkap, Cileusing, Narimbang, Cibitung, Bentar, Sumber, jeung masih aya keneh kampung nu nulewih deukeut ka Gunung Tampomas. Kahirupan di lembur kuring mah, harita nyalobana mah nyawah atawa bertani, ngebon, ngahuma. Aya ge nu ternak; malihara hayam, meri, entog, domba, sapi atawa munding, tapi rata-rata mah nyawah. Kuring ge mun keur musim nyawah, sok ngiluan aki kuring kasawah, ngabantuan tandur, ngarambet, ngagosrok, nya mun keur usum panen nya ngiluan dibuat (menuai padi pake etem). Sabenarnya ieu tulisan loba pisan nu kudu dicaritakeun, tapi numana heula, da waktu ngetik ieu, ngadadak inget jaman baheula narembongan, jadi rada hese milihna numana heula nukudu ditulis heulaan. Tapi nudiluhur tadi eta nu ku kuring dicaritakeun, eta salah sahijina. Memang jaman harita mah di kampung atawa di lembur kuring masih acan aya listrik. Beda jeung ayeuna di lembur kuring, listrik geus aya, oge jalan teu rarenjul kubatu nugaralede. Jalan geus diaspal. Oge kandaraan, lumayan geus loba, teu susah mun rek kamana-mana oge. Nah eta bagjana, mun baheula kahirupan serba susah, rek diajar peuting ge ngan ngandelkeun cempor, da jaman ayeuna mah lampu listrik ge geus caang baranang kamana-mana di lembur kuring mah. Deukeut lembur kuring, aya tempat pamandian cipanas, nya ari tepatna mah di kampung cileunsing desa cilangkap. Eta pamandian cipanas jaman baheula mah, masih make awi pancuranna teh, loba pancuranna the, nya ari marandi teh sambil narangtung dibubuligir, da waktu baheula mah acan make kamar mandi. Tapi ayeuna mah memang pancuranna geus make beusi jeung aya kamar mandina, oge aya tempat ngojayna. Ah pokona ayeuna mah geus dibenah-benah da memang kudu kitu atuh, ari hayang maju desana atawa daerahna mah.

Sabenarna, loba nubakal dicaritakeun tapi tos rada ngantuk jeung rada ngageleyeng itu sirah, ah sampe kadieu wae heula. Ke iraha-iraha mun aya waktu salse kuring ngadongeng deui. Misalna carita basa ngangon munding di leuweung, carita keur ngagaru, carita keur ngangon bebek, carita keur ningali wayang golek tihandapeun panggungna sok ngagerean sinden keur nembang, carita ningali ketuk tilu, carita maledogan tai munding muncrat, carita balik sakola ngumpulkeun beusi urut, carita ngala lauk di walungan, carita ngojay di leuwi, carita jadi jagoan kampung, carita ngurek belut, carita neangan kadaharan di kebon, carita keur bobogohan munggaran, carita ningali layar tancap, carita naik kuda renggong jeung carita lainna. Terus wae tingali blog kuring, tapi ari rek dibere komentar nyapek teuing, nya mun teu ge teu nanaon, cag sakieu wae heula.

1. Lembur Kuring; Kampung Dangdeur- Desa Nagrak- Kecamatan Buahdua –Kabupaten Sumedang
2. Gunung Tampomas
3. Pamandian Cai Panas (Cipanas), nyaeta tempat pamandian tepatna di Kampung Cileungsing, Cilangkap.
4. Pamandian Cai Panas Conggeang
5. Ancor = Obor yang terbuat dari bambuk memakai sumbu, bahan bakarna minyak tanah
6. Damar/cempor = Lentera/ lampu make minyak tanah
7. Nyawah = Bertani padi disawah/ladang.